Old school Swatch Watches
.......PURBA.WAP.......
BerandaBlogfacebook

ASSALAMUALAIKUM Wr.Wbwilujeng tepang/
wilujeng maca ieu seratan,
ka saha bae nu macaieu seratan,mugia ageung pangapunten sareng mugi ngama'lumkana kaayaan ieu wap, anu sakieu buktosna,
simkuring,ngadamel wap ieu,sakadar hyongcurat_coret_co2retanetang_etng,ngamumuleBAhaSA SUNDA==============================PUISI/SAJAK SUNDA

~~>KAMARI<~~
kamari

di parengkeun panggih deui

jeung manehna,nu geulis kawanti_wanti

rindat socana, seseleket kana ati

raray marahmay,
endah lir bidadari

kamari

waktu layung ngahibar di jomantara

aya panah , sang pamanah sasa

karasa

geter_geter rasa, nu mawa katresna

nganjang kana puseurna dada

netep nanceb,kana sajeroning rasa

amparan kahayang
ngolebat ,nyipta ,manisna rasa kacinta.jalmi_laaif==============================
jembatan leuwiliang

di jmbatan leuwiliang, kawitna urang patepang

anjeun neuteup,
teuteup nu matak tembus kana jajantung

anjeun imut,
imut nu ngelet, matak nyeredet kana hate

jembatan leuwiliang,
jadi tempat panggih urang

silih teuteup ku kadeudeuh

silih baledog imut kaasih

silih patarema kanyaah

silih pantengkeun rasa katresna

jembatan leuwiliang jeung ngaguruhna cai cikalang
jadi saksi cinta urang

jalmi laa'if==============================di MANA . .?
carita mangsa harita

masih netra dina rasa

waktos tepang di lembah cinta

caket cipancur patilasan nyi purba

harita

geter_geter rasa mawa katresa

ningal rindat,nu mawa tibelat

reret nu ngelet, nyeredet kana hate

teuteup nu seukeut, nembus kana jajantung

ayeuna ,
salira duka dimana ?

ieu hate
teu bisa di pepende

rasa
teu bisa di beberah

pikir
ngait,mung kasalira

imut jeung teuteup salira

sesah pisan hilapna

peureum kadeuleu
beunta karasa

kamana
kedah kamana ?

kamana nyantelkeun rasa

dimana atuh dimana ?

salira , aya dimana

by:jalmi laa'if==============================
NGALAMUN
waktu peuting,
diuk nyorangan

abdi anteng
ngumbar lamunan

emut ka anjeun,
nu tos lawas teu patepang

saliwat
anjeun asa nembongan

ngalangkang
mawa kamelang

kabayang
anjeun imut ngaheureuyan

duh junjunan panutan ati,

naha anjeun tos hilap ka abdi

siang wengi
abdi nganti_nganti

na iraha pasini ngajadi ?

teu kendat
abdi ngadu'a

ka Gusti nu Maha Kawasa

mugia ,
anjeun salamina

aya dina Rahmat sareng panangtayungan
AnjeunNa

lamun pareng urang patepang deui

mun pareng , pasini ngajadi

mun pareng....

lamun...

lamun...

lamun...

hanjakal ,ngan ukur lamunan

anu can tangtu jadi kanyataan.
by : jalmi laa'if
==============================HIRUP
Hirup teh cita_cita,
ngudag_ngudag mangsa jeung rasa

Hirup teh tunggara,
upama tresna,kalid sulaya

Hirup teh seuneuneu
nu ngaduruk,lulurung sukma


Hirup teh iBADAh,
rela ikhlas ngumawula

Hirup teh aci
acining bagja.

kenging Ceu Chye Retty isnendes
==============================rUNGSing
hawar_hawar aya hariring
melengking,ngurilingan peuting
nurihan hate nu keur rUNGSing

ratug jajantung,
ngarasa kaduhung sagede gunung

peurih ati,lir di gerihan ku hinis

ka saha nya rek muntang?
kamana,
neangan keur panyaluuhan?

lieuk deungeun,leuk lain.
jauh ka sintung kalapa.
beurat kuring lumaku,
di tiung langit nu kulawu,
di barengan poek nu ngawengku,
hirup,,ngan ukur kabawa waktu.

tapi kuring tetep ngantosan,
cahaya datang, nyaangan jalan,
nyingraykeun lalangse kahirupan,
nungtun lengkah kanu
rek karandapan

Ya ALLah Robbul izzati,
mung ka Gusti abdi nyalindung,
mung ka Gusti abdi nyuhunkeun pitulung,

teu aya deui anu di teda,
mugi gusti maparinan HIDAYAH sareng INAYAH,
ka abdi,jalmi anu lemah

sareng mugi Gusti,
namplokeun barokah, tina tiap tingkah sareng lengkah
nu di pilampah,
AaMiin !!!
by :jalmi laa'if
===============
===============

<kembali ke halaman 1
kembalike: XTjalmi laa'if
ke WAP.INSAN_DHOIF